Bahasa lain

Pertanyaan

percakapan bahasa sunda 3orang perempuan 4orang laki laki

1 Jawaban

  • di hiji poe aya rumaja anu arek ngayakeun acara reunian
    Tias : Rin kumaha ieu reunian teh janten?
    Rina : Janten! engke tabuh 4 sonten dibumi abi
    Tias : oh uhun atuh
    Dina : Tias mangkatna sareng abi nya da motor abina bade di angge ku pun raka
    Tias : oh muhun ke ku abi di antosan di bumi
    Rina : Hayu atuh ayeuna mah cuang ngawartosan anu sanesna wae
    Dina : Hayu, tapi saurna istrina mah moal ngariring, ngan urang wae panginten nu ngiring teh
    Tias : haruh nya tos wios atuh, kantun ka pameget wae
    Anu 3 an tadi mangkat kabumi rerencangan pamegetna bade ngajak reunian
    Rina : Assalamu'alaikum
    Doni : Waalaikummussalam, mangga kalalebet! bade aya naraon?
    Tias : Kieu urang teh bade ngayakeun acara reunian, kumargi doni bade ngiringan?
    Doni : oh hayu atuh, bade dimana ? tabuh sabaraha?
    Dina : di bumi Rina tabuh 4 sonten
    Doni : hayu atuh ke ku abi di wartosan nu sanesna
    Rina : oh muhun atuh, hayu assalamu'alaikum
    Doni : Waalaikummussalam
    Dina telepon
    Doni : Hallo assalamu'alaikum Ren
    Rendi : Walaikummussalam kumaha Don?
    Doni : Ke sonten bade reunian di bumi Rina bade ngiring?
    Rendi : Hayu atuh
    Doni : Wartosan deui wae nu sanesna, kadituna tabuh 4 sonten
    Rendi : muhun
    Di tempat Rendi pas pisan aya rerencanganna
    Rendi : No, Rud ke sonten ngiring yu reunian di bumi Rina
    Rudi : Rina anu rerencangan SMP tea?
    Rendi : Muhun, bade?
    Rudi : Hayu atuh, Tino bade?
    Tino : Da motor abina nuju te leres kumaha atuh?
    Rudi : Ke sareng abi wae mangkat kadituna
    Tino : Oh muhun atuh, ai mangkatna tabuh sabaraha?
    Rendi : Tabuh 4 sonten
    Tino : oh muhun atuh hayu

Pertanyaan Lainnya