naon harti paribasa sing leukeun diajar teh da lamun lekeun tangtu bisa
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Naon paribasa anu hartina sing leukeun diajar teh da lamun lekeun tangtu bisa
Jawaban
Pendahuluan
Paribasa nyaeta salahsahiji bagian tina pakeman basa. Pakeman basa nyaeta kalimah atawa kekecapan anu miboga susunan anu maneuh sarta harti anu geus maneuh oge. Anu kaasup kana pakeman basa nyaeta saperti paribasa, babasan, cacandran, pamali jeung kila-kila
Pembahasan
Paribasa anu hartina saluyu jeung kalimah "sing leukeun diajar teh da lamun lekeun tangtu bisa" nyaeta "lamun keyeng tangtu pareng". Paribasa lianna anu saluyu jeung kalimah di luhur nyaeta saperti "cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok" anu miboga harti awahing ku leukeun, laun-laun jadi bisa.
Kesimpulan
Aya sawatara paribasa anu miboga harti konotatif anu ampir sarua, saperti paribasa "lamun keyeng tangtu pareng" jeung paribasa "cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok".
Pelajari lebih lanjut
1. Arti dan contoh pakeman basa https://brainly.co.id/tugas/1262529
2. Perbedaan paribasa dan babasan dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/12436631
-----
Detil Jawaban
Kelas : IX (3 SMP)
Mapel : Bahasa Sunda - Pakeman Basa
Bab : 3
Kode : 9.13.3
Kata Kunci : Paribasa, pakeman basa, lamun keyeng tangtu pareng