sinonim tina kecap ngunghak
B. Daerah
chaterina0409
Pertanyaan
sinonim tina kecap ngunghak
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama
Kelas : III (3 SD)
Pembahasan :
Sinonim tina kecap ngunghak nyaeta ngalunjak. Sanajan sacara umum kecap ngunghak teh sarua hartina jeung kecap ngalunjak, nyaeta sarua-sarua miboga harti wani ngalawan ka jalma anu leuwih kolot, tapi sacara khusus kecap ngunghak jeung kecap ngalunjak miboga harti sewang-sewangan anu saeutik rada beda.
Kecap ngunghak teh hartina nyaeta wani ngaheureuyan atawa ngahina ka jalma anu leuwih kolot. Sedengkeun kecap ngalunjak teh hartina nyaeta wani ngalawan ka jalma anu leuwih kolot. Tapi anu pasti ngunghak jeung ngalunjak teh nyaeta sarua-sarua henteu ngahargaan atawa henteu hormat ka jalma anu leuwih kolot.